Zeryzhergothic

Iklim cover

 

Senin, 31 Juli 2017

jadi diri sendiri

“Aku tak mengenalmu, tapi matamu tidak berbohong. Ikutilah jalan hatimu. Itu yang terbaik.”

Selasa, 18 Juli 2017

my love

my love

papatah ua semar

Papatah uwa semar
Jeung dulur mah Jauh silih
tepungan,
anggang silih teangan, gering silih
ubaran,
paeh silih lasanan, salah silih
benerkeun,
poekeun silih caangan, mun poho
silih
bejaan.
Jelema mah tungkul tumpuk
kalalaputan,
tanggah tempat kalalepatan. Samenit
ganti
sajam robah, sore janji isuk teu
dipake
Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi
saleuwi,
ka darat jadi salogak. Sapapait
samamanis,
sabagja satanggung jawab,
sareuneuh saigel
Dihareupeun aya kasusah, ditukang
pasti aya
kabungah
Manusa mah beda jeung anjing
budug di
jarian, dimana paeh ngan saukur
bilatungan,
tapi manusa sajabana ti bilatungan
bakal
anggih jeung balitungan
Hirup katungkul ku umur, paeh teu
apal
dimangsa, numatak rinik-rinik kulit
harti,
cicing harti ngawincik diri, mun
nyaah kana
raga sing nyaho kana dasar agama.
Geus loba pangarti nu kapimilik,
pangabisa
nu geus kapibanda, elmu nu geus
katimu.
kari diamalkeun
Taat sumembah kanu janten rama,
sumujud
tumut kanu janten ibu
Lamun neda kudu ka Pangeran,
mustang
ngeumbing mung ka Gusti. Sabab
lamun menta
ka manusa, matak bosen nganti-
nganti
Geura menta hampura kanu jadi
bapa, geura
menta ampun kanu jadi indung,
sabab duanana
pangeran urang di alam dunya

keluarga kecil

keluarga kecil